POP nembang
Hariring Kuring
Tengah
peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring,
teu ngeunah cicing
Hate melang,
sumoreang
Buah ati, lawas
teu patepang
Cuang cieung, kuring sorangan
Nunggelis di pangumbaraan
Lieuk deungeun, lieuk lain
Laya pisan kesan pamuntangan
Ref ; Rek sasambat, kasaha nu nyambat
Suwung jurung, walurat sobat
Sangsang badan nitipkeun, ngadiri
Iwal ti gusti Hyang Widhi
Hiliwirkeun duh
angin peuting
Pang nepikeun
hariring kuring
Kajungjunan nu
ngantosan
Kawih ati nu keur
rungsing peuting
Teungteuingeun
Teung teuingeun
kunaon ngantunkeun abdi
Teung teuingeun
naon kalepatan diri
Unggal dinten
henteu weleh ngantosan
Mugi sing enggal
mulih deui
Siang wengi hate
abdi teh bimbang
Ngemutan panutan
anu ilang
Abdi sono tos lami
teu patepang
Duh teu kiat
nandangan nana
Reff Emut keur urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
Sakitu geuning layeutna.... Nyaah
teu aya papadana
Teung teuingeun
kunaon ngantunkeun abdi
Teung teuingeun
naon kalepatan diri
Unggal dinten
henteu weleh ngantosan
Mugi senggal mulih
deui .......Mugi senggal mulih deui
Bubuy bulan
Bubuy
bulan....bubuy bulan sangray bentang
Panon poe... Panon
poe di sasate
Unggal
bulan-unggal bulan abdi teang
Unggal poe..
unggal poe oge hade
Ref ; Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Bubuy
bulan....bubuy bulan sangray bentang
Panon poe... Panon
poe di sasate
0 Komentar:
Posting Komentar
Berlangganan Posting Komentar [Atom]
<< Beranda